Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang:
Lalakon
urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia!
Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi
balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka
hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa
ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu
anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman!
Pilih!
Ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.
Daréngékeun!
Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul!
Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér!
Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan!
Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
Daréngékeun!
Dia
nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya
turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi
masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna.
Jig geura narindak!
Dia nu di beulah kulon!
Papay
ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka
dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang
saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah
peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana;
saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina
talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah
ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun!
Dayeuh
ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan
dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga
kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur
ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!
Sakabéh
turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu.
Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi
ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing
nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu
rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi
anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun
ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti
mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna,
leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran
pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi
engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih
deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba
nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké bakal réa nu
kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja
Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka
panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak
angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku
handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé,
lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon
ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan
wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu
kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba
lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa
lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung
nitis, laju nitis dipinda sukma.
Daréngékeun!
Nu
kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah
bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya,
sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma
jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo
bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu
karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan
kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara
hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba
nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu
engeuh, yén jaman ganti lalakon! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup
di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!
Nu
tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju
sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri
teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét,
leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné
rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang
sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina
bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh
kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari
nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti
deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat!
Ari di urang?
Ramé
ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting
rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu
paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut
musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu
bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk
tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu
harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk,
henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun
jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.
Laju
ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan
raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan
raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman.
Ganti jaman ganti lakon!
Iraha?
Hanteu
lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang
caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan
di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.
Laju aya
deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka,
nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah
jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa,
tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét
ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog
mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin
hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut
salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain
jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa
buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan… Da bonganan, nu
ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter
loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Ti dinya datang budak
janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut,
ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu
diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu
areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan.
Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak
diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur,
majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing Waspada?
Sabab
engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun
kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat.
Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo
bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!
Jayana
buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka
somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal
jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan.
Iraha Mangsana?
Engké,
mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju
salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu
garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun
warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu
aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.
Nu
garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang
bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan.
Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun
ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di
birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum
ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta
tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung
budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak
Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.
Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé
anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang
Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana.
Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu
adil nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!
Sumber : Jolok Sancang

Tidak ada komentar:
Posting Komentar